0
PENILIAN HARIAN 1 SEMESTER 2


Nama :................
Kelas :...............

Saba Budaya Ka Kampung Naga

Kampung Naga téh pernahna aya di jajalaneun antara Garut-Tasikmalaya, nyaéta di wilayah administratif Désa Néglasari, Kacamatan Salawu, Kabupatén Tasikmalaya, Provinsi Jawa Barat. Jarak ti puseur dayeuh Bandung ka Kampung Naga téh kurang leuwih 90 km, lamun dijugjug maké kendaraan kira-kira 2-3 jam.
Kampung nu aya di hiji léngkob nu subur téh diwatesan ku leuweung larangan. Anu ceuk urang Kampung Naga mah éta leuweung nu aya di beulah kuloneun Kampung Naga téh dianggap karamat teu meunang sagawayah disaba, lantaran di jero éta leuweung aya makam karuhun masarakat Kampung Naga. Ari di beulah wétan diwatesanan ku Walungan Ciwulan nu huluwotanana ti Gunung Cikuray Garut.
Kampung Naga kaasup hiji pakampungan nu masarakatna masih nyekel deleg tali paranti titingal karuhunna. Kahirupan sapopoéna masarakat Kampung Naga téh éstu basajan pisan béda jeung pakampungan-pakampungan tatar Sunda séjénna.

  1. Kampung Naga téh aya di.....
a. Bandung                                                c. Garut                        e. Sukabumi
b. Tasikmalaya                              d. Ciamis
  1. Aya dibeulah mana leuwueng larangan téh?
a. kuloneung Kampung Naga                           c. kalereung kampung Naga
b. wetaneung Kampung Naga                          e. hareupeun Kampung Naga
c. kiduleun Kampung Naga

  1. Gunung Cikuray aya di....
a. Bandung                  c. Garut                        e. Sukabumi
b. Tasikmalaya                        d. Ciamis

  1. Kecap “disaba” asalna tina kecap “saba” anu hartina....
a. kaluar ti imah nuju ka tempat anu jauh                    d. meuntas ka hiji tempat
b. lumpat ti imah nuju ka tempat anu jauh                   e. balik ka imah
c. asup ka ka imah anu jauh.

  1. Dina wacana di luhur aya kecap “léngkob” anu hartina....
a. luhur                        c. pasir                         e. hilir
b. lebak                        d. gunung

  1. Tali paranti hartina.....
a. tambang paranti nalian         c. budaya anu maneuh                         e. Adat istiadat nu geus baku
b. pageuh dina nyekel prinsip d. tali tina tambang

  1. “Unggal daérah tangtu ngabogaan ciri nu mandiri ngeunaan budayana tur béda jeung daérah séjénna” Paribasa nu luyu pikeun ngagambarkuen kalimah di luhur nyaéta....
a. jati kasilih kujunti                                        d. ngala kudu bébéja
b. Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak      e. ciri sabumi cara sadésa
c. mipit kudu amit

  1. …. upami badé aya nu nambihan kanggo solusi masalah ieu.”
a.       Mangga                        c. Maaf                                    e. Wilujeng
b.      Monggo                       d. Ulah

  1. “Ulah hilap ka... kanggo nyerat hal-hal nu penting dina diskusi ieu!”
a.       Pamilon                       c. Siswa                                   e. Bendahara
b.      Notulén                        d. Guru

  1. “Ka sadaya ................... diskusi nu tos sumping, sumangga dihaturanan calik!”
a.       Peserta
b.      Notulén
c.       Siswa
d.      Guru
e.       Bendahara

  1. Disebut naon karangan rékaan (fiksi) dina wangun (bentuk) prosa anu wangunna pondok?
a.       Carpon
b.      Warta
c.       Novel
d.      Sajak
e.       Sisindiran
  1. Tema, tokoh, galur, setting, suasana, jeung amanat kaasup kana ....
a.       Unsur-unsur carpon
b.      Unsur-unsur sajak
c.       Unsur-unsur paguneman
d.      Unsur-unsur warta
e.       Unsur-unsur biantara

  1. Omongan anu langsung dicaritakeun dina hiji situasi disebut....
a.       Biantara
b.      Sawala
c.       Paribasa
d.      Paguneman
e.       Sajak

  1. Kang Dedi       : “Anisah rék di mana lebaran téh, di Bandung atawa di lembur?”
Anisah             : “Ah, Anisah mah badé di lembur baé. Di Bandung mah teu resep, kirang ramé.”
Kang Dedi       : “Iraha rék mimiti ka lembur téh, kitu?” Anisah          : “Engké waé, saminggu deui ka lebaran.”
Kang Dedi       : “Akang mah rék di Bandung. Titip oléh-oléh waé keur mamah.”
Naon inti paguneman di luhur?
a.       Lebaran
b.      Oléh-oléh
c.       Liburan
d.      Di lembur
e.       Saum

  1. Biantara anu dianggap hadé téh diantarana, sorana kudu kadéngé ku nu ngadéngékeun, hartina…..
a.       Sorana laun
b.      Sorana ngaharéwos
c.       Sorana jelas
d.      Sorana teu kadéngé
e.       Sorana ngajorowok

  1. Dina basa asing “biantara” sok disebut…..
a.       Orasi
b.      Sawala
c.       Nyarita
d.      Berita
e.       Pengumuman

  1. Biantara ku cara tanpa naskah tapi aya galur eusina, ngan dina prakna mah ditalar disebut
a.       Biatara impromtu
b.      Biantara ékstémporan
c.       Biantara ngapalkeun
d.      Biantara dadakan
e.       Biantara ditalar

  1. Jalma anu ahli biantar disebut...
a.      Operator
b.      Orator
c.      Profėsor
d.      Doktor
e.       Khotib

  1. Minangka pamungkas  saur, bilih ngawur, moal seueur anu dicatur, mung sakieu anu tiasa kapihatur, Wassalamu”alikum Wr.Wb.,
Paragraf di luhur kaasup...biantara.
a.      Bubuka
b.      Sambutan
c.      Salam bubuka
d.      Salam Panutup
e.       Panutup

  1. Bedo bahasa Indonesia na nyaėta...
a.      Tiba
b.      Datang
c.      Sama
d.      Batal, Tidak Jadi
e.      Naik

2          21.   Basa lemes keur kecap “indung kuring” nyaéta….
a.    pun ibu                                                c. pun mimih                           e. pun indung
b.    pun biang                                             d. pun mamah

2          22.  Basa lemes keur kecap “anak anjeun” nyaéta….
a.    tuang anak                                           c.  tuang rayi                           e. tuang raka
b.    tuang mantu                                        d. tuang putra 

2        23.  “Pun bapa nembé …. Ti sawah.”
Kecap anu luyu jeung undak usuk basa, pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta…..
a.    Wangsul                                              c. mulih                                   e. mios
b.    dongkap                                              d. dating

   24.  “…..Pa guru énjing ulangan bahasa sunda.”
Kecap anu luyu jeung undak usuk basa pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta….
a.    ceuk                                                     c. cenah                                   e. ngabéjakeun
b.    sanggem                                              d. saur            

2          25.  Boga duit sautak saeutik téh tabungkeun sing bisa ...ulah jajan baé.
a.       Ngeureut neundeun                            d. Ngukur ka kujur nimbang ka bandan
b.      Buruk-buruk papan jati                       e. Kudu bodo aléwoh
c.       Mipit kudu amit ngala kudu bébéja

ESSAY


1.      Artikel anu kumaha biasana anu sipatna objektip?
2.       Tarjamahkeun kalimah-kalimah di hadap kana basa Indonesia/ basa Sunda anu hormat!
a.       Isteri saya sedang melahirkan”=….
b.      Kuring rek indit ka sakola isuk-isuk=….
c.       Usman keur ngala kalapa di kebon =….
d.      Udin keur dahar beulem hui cilembu =….

e.       Punten Ibu Guru Iteng nyuhunkeun widi bade Kapengker=…
3.      Naon ari nudisebut artikel teh?
4.      Naon tujuan nulis artikel?
5.      Dimana urang osok maca artikel?

Posting Komentar

 
Top